-->

Notification

×

Kategori Berita

Cari Berita

Iklan

Iklan

Indeks Berita

Tag Terpopuler

Coretan (13)

Wednesday, August 30, 2006 | August 30, 2006 WIB Last Updated 2006-08-31T01:07:52Z
Suara Sumbang ti 'Komunitas Marzinal'
Oleh Ibn Ghifarie

Robahna IAIN ka UIN ngalahirkeun kakeheul ti sabaraha pergerakan mahasiswa. Boh anu ngagabung di Aliansi Peduli Mahasiswa Baru, atawa PMII, GMP jeung nulaina. Soalna robahna kaayaan IAIN teh teu diimbangan ku sarana jeung prasarana anu lengkap. jauh kudu nyaruaan UIN Syahid, Malang, Suka atawa Alaudin mah.

Malahan, kiwari di masa-masa panarimaan mahasiswa baru, pihak rektorat malah naeken spp anu asalna 300rebuan jadi 600rebuan. Etateh cenah can keur iuran, timimiti Praktekum, polikklinik, tes urin, sumbangan ka Kampus, kontribusi Ta'aruf KBMU, mayar LPM Suaka, meuli panduan pedoman UIN neupi kana tek-tek bengek laina. Pokonamah mikaliuer baraya urang anu rek sakola agama di dieu.

'Naha beuner.. sakolah mah keu anu boga duit wungkul'celetukan ata bisa bener, bisa oge hentu. Tapi lamun balik deui ngobrolken mahalna kuliah--siga anu keur di galakeun ku Aljamiah. Kukituna simkuring saparakanca rek nanyakeun sabaraha pasoalan kaUINan.

Singkatna mah, naha ari ngarembugken pasoalan anu aya patula-patalina jeung kabijakan kampus. Mahasiswateh tara di babawa atawa dititah ulubiung dina sagala keputusan. Cenah jaman demokrasi, nyatana demokrasi naon tah?

Lamun, teu dibabawa mahasiswa rek anu aya di KBMUIN (MPMU, DPMU, BEMU atawa BEM-J/UKM) biasana sok loba sora-sora miring anu di kaluarkeun ke maranehna ka pihak kampus.

Salain eta oge, tentuna bakal ngadidik kaum pelajar teh gampang nympulken, naon-naon pasoalan 'Ah etamah politis we, poknateh. hartina di sabagaian generasi muda nua aya politik jeung politik lain kumaha ngabangun kampus anu saluyu jeung cita-cita UIN.

Mugia kuayana forum ieu urang bisa ngaberesken masalah-masalah imah sorangan [Ibn Ghifarie].

cag rampes, Samping Wartel, 10/06; 22.05 wib
×
Berita Terbaru Update