-->

Notification

×

Kategori Berita

Cari Berita

Iklan

Iklan

Indeks Berita

Tag Terpopuler

Catatan (20)

Friday, October 06, 2006 | October 06, 2006 WIB Last Updated 2006-10-06T22:57:50Z
Penyempitan Ruang Publik
Oleh Ibn Ghifarie

Quote:
Originally posted by Fanes
leud, aya beja ke tanggal 10 barudak BEM dek ngadialogkeun masalah sarupaning si sipi teh jeung para dekan jeung rektorat di ruang sidang? kade tong poho diliput, terus harewoskeun ka para gegeden pangmelakun si sipi ngarah aya anjukkeun. :evil:

Beja ieu teh tanggal 10 bulan naon, di mana tempatna? Pasti diliput jeng di bejakeun ka para gegeden kampus. Saka terang simkuring mah emang aca cariosan anu rek gunem catur masalah padagang, tapi duka bade iraha di laksanaken namah sareng saha anu mimitianmah. Apan biasa budaya urang mah sok loba ka keunaan panyakit omdo (omong doang) wae atawa 'karek bisa pek, tapi can prak.

Tapi sigana laum mah leures ata carita teh, kacida heurin pisan rungan publik teh. Pan geus puguh DPR (Dibawah Pohon Rindang);tempat urang ngawadul naon wae geus dilarang, Depan Rektorat; tempatna barudak ngungkapken kahayangna geus jadi Taman naon?, Samping Aula; tempatna rerencangan ngaluarken unek-unek geus di pake tempat parkir. Atuh pami pasoalan Sipi sareng barayana rek di hiji lokasiken, atuh sigana kacida sempit pisan tempat umum keur ngahuntu maslah naon wae, bari jeung rek di kamanaken eta para penjaja dahareun teh...[Ibn Ghifarie}

Cag Rampes, Pojok PusInfoKomp, 01/09;23.12 wib
×
Berita Terbaru Update