-->

Notification

×

Kategori Berita

Cari Berita

Iklan

Iklan

Indeks Berita

Tag Terpopuler

Guratan (16)

Friday, October 06, 2006 | October 06, 2006 WIB Last Updated 2006-10-06T21:24:14Z
HeSe sArE
Oleh Ibn Ghifarie

Sok aya anu kokolebatan dina pikiran, lamun ges wanci tengah peuting. Komo deui lamun anu aya digigiren urang teh geus tibra sare morongkol siga 'kuuk' dina jam 10an atawa 12an. Kacida bagyana lamun simkuring bisa niru bateur sakasur eta. Tapi hanjakal, teu bisa. Singkatnamah sok tara biasa molor wayah kitu, tapi biasana lewih ti jam 02an, sampe-sampe sok parat ka Subuh. Karek bisa peureum.

Masih mendingan, lamun buncelikna panon eta di pake kanu kagiatan hade mat. Tapi da edas pisan hese we di peurumkeunteh. Makana sok ngibuken diri corat-cotret, nagwadul teu beres-beres jeung barudak, atawa sok remen minjem keun ceuli ka babturan anu keu kena eceng.

Kumargi kitu, simabdi nyuhunken masukan ka dulur-dulur kabeh anu bisa mecahkeun pasoalan eta?

Sateacana punten tos miwarang ka baraya kangge mikiran kabiasaan hese sare eta.


Pojok Sekre Kering, 09 Juli 2006, (04;54 wib)
×
Berita Terbaru Update