-->

Notification

×

Kategori Berita

Cari Berita

Iklan

Iklan

Indeks Berita

Tag Terpopuler

Guratan (15)

Friday, October 06, 2006 | October 06, 2006 WIB Last Updated 2006-10-06T18:35:14Z
Embung Nulis
Oleh Ibn Ghifarie

Sampurasun......
Cing pang neangankeun obatna baraya!!

Kieu caritana teh, sababaraha poe katukang, simkuring jeung warga Forum laina karandapan payakit males keur ngadamel tulisan teh. Boh anu aya patula patali jeung media, coretan didinding, atawa keur ngabenggerah hate. Es tuning teuaya dulur....

Walhasil, asa hoream we ninggali komputer, tulisan dina diary. Nya kusabab hiji-hiji kumpulan di Forum ujug-ujug ngaleungit. Dukigeun aya kabar miring, `boa-boa aya anu nutup soalna tulisana matak beureum anu maca atawa anu ninggali. Komo deui keur pajabat mah, cenah eta oge`.

Tapi saengges dibulak-balik dipikiran, sigana goreng oge lamun terus-terusan siga kieu mah. Atuh rek iraha maju kawas batur, tulisana bisa dibaca ku balarea, dugikeun jadi bahan rujukan anu agung.

Tah...tisaprak harita, teuing kunaon bet hayang muka blog sagala, yahoo.360, kumpulan penulis indonesia atawa forum upi, ajngkita, beda pebdapat. Padahal geus lila teu muka-muka acan. Komo deui ngisian tulisan mah. Tangtuna bari ninggalian tulisan anu laleungit di situs ieu.

Ah..ieu mah susugana wae. Nya bener aya saba-baraha hiji coretan kapanggih sanajan bari teu puguh pulungeun jeung teu lengkap oge tulisana. Da anu penting mah tong nulis deui ti awal, soalna sok beda deui caritana. Lain deui pamaksadana. Pangpangna mah bakal tambah males...

Atuh mudah-mudahan urang sadyana tiasa nyandak hiji hikmah tina kajadian eta. Pami bade ngdamel tulisan teh sing tatan-tatan, tong gurung gusuh. Komo deui langsung teu di konsep heula. Atuh anu jauhna teu diketik dina window, atawa teu di titipkeun dina blog, yahoo.360 jeung web anu laina. Pokonamah bakal nyesel pisan....

Cing saur dulur salain ngadamel tindakan eta, kinteun-kinteun naon deui nya supados coretan teh teu leungit deui?

Mangga ah...[Ibn Ghifarie]

Cag Rampes,01/10;15.34 wib..
×
Berita Terbaru Update